LUTUNG KASARUNG
Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.
Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.
Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.
Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”
Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.
Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”
“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.
Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”
Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”
Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.
Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.
“Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!”
“Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.
“Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”
Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!
“Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”
Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.
“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”
Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton.
Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.
“Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”
“Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.
“Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.
Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.
Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.
Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.
Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.
Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.
Purbasari éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.
Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.
Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.
Dongeng Sasakala Bahasa Sunda
Di daerah jawa barat atau di tatar sunda sendiri banyak sekali contoh-contoh dongeng sasakala ini, seperti misalnya dongeng gunung tangkuban parahu, sangkuriang, lutung kasarung, sikabayan, dan lain sebagainya, dan bahkan dongeng-dongeng ini juga kini banyak dikisahkan melalui film-film.
Baiklah, dibawah ini saya berikan salah satu contoh dongeng sasakala bahasa sunda dari jawa barat yakni tentang sangkuriang gunung tangkuban parahu.
Dongeng Sasakala Sangkuriang "Legenda Gunung Tangkuban Perahu"
Dina hiji mangsa, dicaritakeun aya sahiji putri raja di jawa barat ngaranna dayang sumbi. Dayang sumbi boga anak lalaki nu kasep ngaranna sangkuriang.
Sangkuriang kareseupna ngaburu sasatoan di leweng. Sangkuriang dibaturan ku hiji anjing nu ngaranna tumang, anjing eta lain sawajar anjing, nu sabenerna anjing eta titisan dewa nu mangrupakeun bapana sangkuriang.
Tina hiji poe, sangkuriang jeung tumang mangkat ka hiji leweng, naha kunaon pas sangkuriang nitah si tumang ngudag buruan ka leweng, si tumang embungen nuturkeun kahayang sangkuriang, nah akhirna si tumang diusir ka jero hutan ku sangkuriang.
Sa entos sangkuriang balik deui ka istana, sangkuriang nyaritakeun kajadian eta ka indungna nyaeta dayang sumbi.
Ngadenge carita eta, dayang sumbi teras ngambek kacida, teu sadar akhirna dayang sumbi nakol sirahna si sangkuriang make sendok sangu anu keur di cekelna nepi ka aya urutna.
Sangkuriang ngambek, terus akhirna langsung mangkat ngembara ninggakeun istana karajaan na. Saprak kajadian eta dayang sumbi nyesel ka anu tos naon dilakuken nana ka sangkuriang.
Sa entos kajadian eta, dayang sumbi terus nga-doa jeung tapa. Tina hiji wangsa, dewa-dewa masihan hadiah ka dayang sumbi nyaeta rupa awet ngora jeung kageulisan anu abadi.
Entos lami pisan sangkuriang mangkat, akhirna sangkuriang mutuskeun balik dei ka istana. Sa entos nepi ka istana, sangkuriang ningali kerajaan eta teh tos beda pisan.
Di dinya oge, sangkuriang ningali aya hiji awewe anu geulis kacida nu teu lain padahal mah indungna.
Ningali tina kagelisan nana, akhirna sangkuriang niat rek ngalamarna. Sabalikna oge, sangkuriang teh sosok jalmi anu kasep, nu mantak nyien dayang sumbi oge reseupen ka pamuda eta teh.
Dina hiji poe, sangkuriang caritana arek pamit menta izin rek ngaburu di leweng. Sangkuriang menta dayang sumbi pang ngarapihan keun tali nu ditalian dina sirahna.
Dayang sumbi rewaseun pas ningali aya urut bared tina sirah sangkuriang nu arek jadi calon suamina eta teh.
Urut bared eta, persis pisan kos anakna nu tos ngarantau bahela. Dayang sumbi merhatikeun terus, dipikir-pikir beungetna oge mirip pisan jeung anakna nu mangkat harita.
Dayang sumbi mulai ngarasa curiga, akhirna dayang sumbi niat rek ngagagal keun perkawinan eta teh, dayang sumbi teras ngajukeun dua syarat ka pamuda eta, nyaeta:
Ka hiji, dayang sumbi hoyong pamuda eta teh ngabendung cai citarum, kadua na, dayang sumbi hayang hiji sampan parahu anu gede pikeun nyebrang cai citarum.
Kadua syarat eta kudu tos di lakukeun saencan panon poe mulai bijil. Nah dina peting eta keneh, sangkuriang mulai ngalakukeun dua syarat eta.
Sangkuriang mulai tapa jeung ngerahkeun makhluk-makhluk gaib pikeun ngabantuan ngawujudkeun dua syarat eta.
Dayang sumbi, mulai ningali lalaunan pagawean sangkuriang nu sabenerna ampir beres di lakukeun.
Dina waktu eta keneh, dayang sumbi oge mulai marentahkeun pasukan nana pikeun ngabentangkeun laon sutra nu warna beurem ti sabelah kota timur, sa olah-olah okos panon poe nu karak bijil.
Sangkuriang terus ningali warna bereum eta, jeung ngira panon poe tos mulai bijil. Sangkuriang akhirna teu jadi neruskeun pagawean nana, ngambek lantaran nganggap teu bisa ngabulkeun dua syarat eta.
Make kakuatan nana, akhirna sangkuriang ngabobol bendungan anu entos di jienna, teu lila jadi banjir gede jeung nendang sampan parahu nu tos dijienna.
Sampan parahu eta ngalayang jeung akhirna ragag dina hiji gunung nu ayena disebut "gunung tangkuban parahu."
DONGENG : Sireum jeung Japati
Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu lebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep tulungan ”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai.
Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar. Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh.Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna.
”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.”
Panigaran geus ngawengkang bedilna. Tapi japati kaburu geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati ” Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.”
Jawab sireum ” is eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan.
Abdi gaduh sisindiran yeuh.... kieu geura ...!!
Filosofi
Administrasi Perkantoran
FILOSOFI ADMINISTRASI PERKANTORAN
Menurut Prajudi, dalam
bukunya Dasar-dasar Ilmu Administrasi, filosofi administrasi adalah
seperangkat pandangan dasar, teori dasar, prinsip dasar, dan norma dasar
mengenai administrasi beserta seluruh aspek-aspeknya, yang dapat dipakai
sebagai pangkal tolak untuk berpikir, mengambil keputusan, dan bertindak ketika
kita menghadapi masalah-masalah administrasi di dalam praktik.
Filosofi
administrasi merupakan kelanjutan dari filosofi bisnis. Artinya, filosofi
administrasi sangat tergantung dari filosofi bisnisnya. Jika bisnisnya di
bidang perdagangan, administrasinya juga terkait dengan bidang itu.
Berikut
ini adalah beberapa filosofi administrasi yang harus dikembangkan.
1) Filosofi Organisasi (Philosophy of Organization)
Dalam filosofi organisasi, harus ada ketegasan
mengenai cara berpikir orang-orang yang ada di dalamnya. Harus ada bagian yang
jelas dalam hubungan kerja antara yang satu dengan yang lain, misalnya antara
atasan dan bawahan. Jadi, pekerjaan didasarkan pada tugas pokok dan fungsi
kedinasan, bukan berdasarkan hubungan kekeluargaan atau kekerabatan.
2) Filosofi Manajemen (Philosophy of Management)
Dalam filosofi manajemen, harus ada
aturan-aturan, pedoman-pedoman, instruksi-instruksi, dan prosedur-prosedur yang
dibuat berdasarkan pada prinsip-prinsip dan norma-norma dasar tertentu.
Contohnya, disediakan waktu beribadah saat bekerja karena ibadah terkait dengan
norma agama, ada pembatasan jam kerja, dan sebagainya.
3) Filosofi Kepemimpinan (Philosophy of
Leadership)
Dalam administrasi
diperlukan kepemimpinan. Setiap pemimpin harus mempunyai dan memahami pengetahuan
tentang cara memimpin organisasi dan bawahannya. Hal ini diperlukan karena akan
banyak permasalahan yang harus dipecahkan dan hal tersebut memerluka
kepemimpinan.
4) Filosofi Kerja (Philosophy of Work)
Filosofi kerja
diperlukan sebagai dasar dalam mengembangkan gairah dan semangat kerja. Kita
harus mempunyai pandangan bahwa kerja itu bukan semata-mata karena orang
memerlukan uang, tetapi juga jauh lebih penting bahwa kerja adalah inti atau
dasar dari manusia. Kerja dapat berarti ibadah, kerja adalah aktualisasi dari
manusia, dan sebagainya.
5) Filosofi Teknologi (Philosophy of
Technology)
Filosofi teknologi
menyangkut segi mental atau pendirian kita terhadap teknologi beserta
pemakaiannya. Teknologi semakin berkembang dan banyak diperlukan oleh berbagai
jenis pekerjaan. Oleh karena itu, kita harus dapat menyikapi perkenbangan
teknologi dengan bijak. Setiap ada perubahan terkait teknologi, bukan bearti
kita harus apatis. Justru kita harus dapat mengunakannya untuk kepentingan yang
lebih besar. Kesempatan itu digunakan tanpa harus meninggalkan norma-norma yang
sudah berjalan baik.
Komentar
Posting Komentar